Fiksi Mini – ku: Rukmana, S.Pd., M.Pd.
Mimitina mah teu inget di bumi alam. Barang bray beunta, gening pabeulit jeung selang impusan awak téh bari kaayaan di jero inkubator. Teu lila kadéngé sora hak sapatu patingkaletruk. Singhoréng suster jeung bidan nyampeurkeun mariksa awak bari ngasongkeun susu dina dot.
“Sok nénén da hideng nya Cép,” pokna. Tuluy ngaléos deui.
Teu lila aya nu datang mangku orok karék dilahirkeun. Sarua kawas kuring diasupkeun kana inkubator ngaréndéng. Meunang sajongjongan panasaran hayang nanya.
“Ari salira téh saha sareng timana?”
“Duka da can dibéré ngaran ku indung Bapa téh. Ngan ari asal mah ti Lélés. Ari anjeun saha?” Malik nanya.
“Sarua. Kuring gé can boga ngaran. Asal kuring mah ti Cikajang. Indung jeung Nini kuring aya di hareup keur nungguan,” témbalna.
“Ké, ké, tadi nyebutkeun indung jeung Bapa, ari Bapa téh siga kumaha? Da ceuk Nini kuring, kuring mah teu boga Bapa?” siga nu panasaran hayang apal.
“Bapa mah lalaki. Sorana bedas, kulitna kasar, tanagana gedé da boga tanggung jawab kana kahirupan rumah tangga. Sedengkeun ari indung mah awéwé anu sorana leuleuy, kulitna lemes, dina dadana neundeun cisusu kahuripan bekel urang dua tauneun,” jawabna panjang lébar.
Keur anteng ngobrol, torojol indung jeung Ninina nyampeurkeun.
“Ujang, kasép, bageur. Sing sholéh nya hidep mah. Sing sehat, panjang umur pinuh ku kabagjaan. Baé da moal burung dirawu dipangku ku Nini ogé,” ceuk Nini.
Laju Nini ngarérét kanu jadi indung siga nu neundeun kuciwa.
“Ari manéh ayeuna rék kumaha pipetaeun? Tuh, anak manéh sakitu kasépna piaraeun. Sedengkeun ditanya ku Ema ti Minggu kamari saha Bapana éta budak téh, can ngajawab kénéh. Da manéh téh lain Maria nu ngalahirkeun nabi Isa. Manéh mah manusa biasa pasti aya sababna boga budak téh. Disakolakeun ku Ema téh ngarah ngarti, ngarah pinter, lain ngarah boga orok,” indungna ngabudalkeun rasa kakeuheul kanu jadi anakna.
