Fiksi Mini
Ku: Rukmana, S.Pd., M.Pd.
Geus mindeng Wulan mah dipanggil ku wali kelasna. Dipapagahan sangkan ari ka sakola téh teu meunang dangdan nu kaleuwihan. Luyu jeung tata tertib sakolana. Tapi anger teu ngagugu. Malah poé Senén kamari mah satutasna upacara, manéhna dipanggil ku guru BP.
“Néng Wulan, ari ka sakola téh teu kéngéng dangdos siga badé ka uleman. Teu kéngéng nganggo mik-ap atanapi lipen setip sagala. Wios da Wulan mah teu nganggo nu kararitu gé tos geulis,” ceuk guru BP.
Da mémang kanyataanna Wulan mah éstuning geulis bawa ngajadi kana kituna mah. Pangawakan jangkung lenjang, kulit konéng umyang, beungeut ngadaun seureuh, irung mancung, panon cureuleuk, bulu panonna carentik.
Lalaki mana nu teu resep ka Wulan? Mun seug soré geus teu maké seragam sakola, mangsana midang, manéhna sok maké calana jéans kaluhurna maké kaméja kotak-kotak, siga budak geus nincak rumaja. Padahal karék lima welas taun jalan, kelas tilu és émpé.
Komo lamun biwirna nu ngagondéwa geus maké lipen warna beureum saulas, terus imut kareu’eut matak urug jajantung.
Wulan cicing jeung nini na da imahna mah jauh ti sakola. Saban peuting sok remen bébéja ka nini na rék ngadon ngapalkeun di babaturan, cenah. Disampeur ku budak lalaki kana motor.
“Kadé nyai anaking sing bisa ngajaga diri. Ulah peuting teuing balikna,” ceuk nini na pinuh rasa kamelang.
Tilu minggu ti harita nini na nampa surat ti sakola. Wulan dikaluarkeun ti sakolana. Cukang lantaranna Wulan geus telat bulan.
