Fiksi Mini
Ku: Rukmana, S.Pd., M.Pd.
Mangkalna téh anger sok dina sasak Cipalebuh sangkan loba nu lalarliwat patalimarga. Aya nu ka pasar, ka sawah, ka kantor jeung sajabana. Lumayan wé ari keur mujur mah sok meunang dua létereun béas mah.
Jam dalapan poé Senén Mang Encu geus aya dina sasak paranti. Kacapi dilahun, ramo-ramona nu geus péot anteng noélan senar kacapi dina laras saléndro. Bi Odah, pamajikanna ngawih lagu Wangsit Siliwangi.
“Baheula kacapangan
Dina jaman Galuh Pakuan
Nu kamashur Pajajaran
Tempat payung kaadilan
Kiwari geus gumelar
Putra Pajajaran anyar
Wawangina sumebar
Sajagad raya kawéntar
Ampuh timpuh tur sabar
Kasatriaan wiwitan
Nyukcruk galur cacandran
Siliwangi keur pananggeuhan.”
Tacan gé tamat, langit geus katingali angkeub. Paralak hujan gedé pisan. Mang Encu jeung Bi Odah buburanjat ngiuhan dina émpér toko. Da puguh Mang Encu mah geus teu bisa nempo, dituyun ku pamajikanna. Teu burung wé bajuna jibreg ogé.
Sora cihujan beuki séah ninggang kana hateup-hateup beton. Teu lila cikolombréan cur-cor muru nu handap. Kapireng ku Bi Odah aya sabungkus roti kabawa palid.
“Duh, hanjakal kabawa cai. Padahal ieu beuteung geus ménta eusi.”
Beuki lila hujan beuki gedé.
“Manéhna geus meunang sabaraha?” Ceuk Mang Encu tumanya bari nyusutan cihujan dina kacapina.
“Karék meung opat rébu, Mang.” Jawabna pondok.
“Duh, aya bahan puasa deui poé ayeuna mah. Beulikeun wé kana emih engké geus nepi ka imah mah. Caina sing loba.”
Pasosoré maranéhna mulang ka imahna.
“Isukan mah urang hareupeun SMPN 1 Pameungpeuk ngaménna. Sugan jeung sugan aya MBG sésa, nu budakna teu ka sakola. Lumayan moal meuli sangu.” Ceuk Mang Encu bari ngagolédag saré dipépéndé girimis sésa hujan tadi beurang.
Enya wé isuk-isuk Mang Encu geus ngajentréng ngulinkeun ramo-ramona kana senar kacapi parigel pisan. Laguna anger siga kamari.
Keur kitu torojol Pa Kepala Sekolahna. Jrut turun tina mobil Avanza bodas kameumeutna. Laju nyampeurkeun bari ngusiwelkeun duit warna héjo kana pésak jékét Mang Encu, bari ngaharéwos. Tayohna duit lima puluh rébu sigana mah.
“Nyuhunkeun lagu Jayanti nya, Mang.” Bari ngaléos ka kantor.
“Bageur Pa Kepala éta mah.” Ceuk Mang Encu bari nedunan paméntana lagu Jayanti nu kungsi viral…***
© SMP Negeri 1 Pameungpeuk
Seluruh isi artikel, dokumentasi, dan karya yang ditampilkan pada website ini merupakan bagian dari dokumentasi resmi SMP Negeri 1 Pameungpeuk. Dilarang menyalin atau menggunakan kembali konten tanpa mencantumkan sumber.

Masya Allah carpon masa kini carita masa lalu…good👍